h1

Wanci Yuswa Tunggang Gunung

September 29, 2008

Wanci yuswa tunggang gunung
Sagala nu ngarandapan
Narěmbongan
Nyisit melit kana ati
Matak eungap kana ambekan

Wanci yuswa tunggang gunung
Sagala kahayang narěmbongan
Bongan diri geus teu uni
Nyalimpang kana diri sorangan

Wanci yuswa tunggang gunung
Kahoyong tinggal kahoyong
Hoyong nyorang waktu
Ka tukang
Matak mawa kasalempang

(diserat deui ku: Siska Ayu Pratiwi (murid SMA Kosgoro Kota Bogor), tina http://www.acehforum.or.id/puisi sunda)

Tinggalkan sebuah Komentar