
Tutuwuhan
September 29, 2008Karya : Rachmat M. Sas Karana
Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah sabar
Ka pelok anu dipelak
Teu bisa nanyakeun
Iraha kapan buahan
Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah surti
Akar nu ngeteyep nyiar kahakanan
Teu kaděngě rumahuhna
Tangkal nu lungsě butuh cihujan
Teu kaděngě inghakna
Tutuwuhan ngawarah kuring
Nitah nyaho mulang tarima
Ka lemah tempatna matuh
Muragkeun danggaunan
Pikeun kasuburan
Ka manusa nu melakna
Měrě bungbuahan
Geusan nyambung kahirupan
(Dicutat tina buku kumpulan sajak Surat Panjang ti Cijulang/Rachmat M. Sas. Karana)
(Diserat deui ku : Fita Juliana, alamat: girls_notanvailable@yahoo.com, murid SMA Kosgoro Kota Bogor, tina Sabasa pikeun murid kelas VIII semester 2 : Pangajaran Basa Sunda pikeun murid SMP di kota Bogor, jilid 8b,Drs. Ahmad Hadi, Pamulang : Tangerang, 2008, kaca : 21)
