h1

Ngukut Sato

September 29, 2008

Mun urang kukut-kukutan
sarupaning sasatoan
meri, hayam, ěntog, soang,
munding, sapi, embě, kelenci
katut sato nu sějěnna
kahadě sing hadě urus
sing hěman, nyaah, tulatěn

Sanajan pangkatna sato
maněhna sarua mahluk pangěran
boga rasa panas
mun panon poě morěrět
boga rasa tiris
mun hujan maseuhan bumi
boga rasa lapar
mun beuteung can kaeusian
jeung sarupaning rasa

Ngan…..
teu dibarengan akal pikiran
mangkahadě……
mun manusa teu hěman kana sato
kukutanana
darajatna leuwih hina
batan sato nu dikukutanana

(diserat deui ku : Harfya Andwihayati, murid SMA Kosgoro Kota Bogor,tina buku Banda Basa Sunda : pikeun murid SD kelas 5 semester 1, Yayat Sudaryat, CV Mutiara Ilmu Bandung : Bandung, kaca 60 – 61)

Tinggalkan sebuah Komentar