
Kuring Hayang Sarĕ Jeung Anjeun
September 29, 2008Waktu mata mulai nundutan
Sungut ngelak heuay
Miharep tibra
Di kasur
Waktu kuring sarěkeun
Henteu ogě tibra
Nepi ka poě ampir isuk
Sabab inget di hareupeun poěk
Sedengkeun umur kuring beuki nambahan
Tetep dikurung peuting
Can migawě nanaon
Kuring sieun teu bisa nanaon deui
Naon hartina hirup ieu!
Kuring teu sanggup deui
Mawa kabeurat nu beuki nambahan
Sabab hiji ogě teu kapigawě kalayan hadě
Kuring hayang gancang sare jeung Anjeun
(diserat deui ku: Haditya (Murid SMA Kosgoro Kota Bogor, tina Pangajaran Basa Sunda pikeun siswa SD, jilid VB; Suhaya Spk; Yudhistira : Bekasi; 2001; kaca: 50)

Juara pisan yeuhh puisi
dongěngkeun atuh kang manawi janten eunteung murangkalih nu nuju nyukcruk pangaweruh.
hatur nuhun
sae pisan judulna…meni penuh hasrat,,,hehe
muhun leres pisan, hasrat urang dina ngeusi kahirupan ku kahaděan.hě….hě…. deui