
Haseup Teu Welĕh Ngelun
September 29, 2008Karya : Yus Rusyana
Nyeueung haseup nu teu welěh ngelun
tina corobong pabrik tinun
naha anggur ngungun
kapan urang keur ngawangun
něnjo sawah nu ngupluk-ngaplak
anu nungtut disaeuran ku barangkal
naha makě nyeblak
kapan galengan gě diaspal
Nyawang gunung nu ngalamuk
horěng rurud bulistir
naha kudu ngaheruk
kapan untungna geus kakeruk
Kunaon atuh tibelat
ka sawah nu hějo ngěmploh
ka gunung nu ngalanglayung
ka leuweung anu geueumeun
da ěta mah geus kaliwat
Lain nieneung pědah euweuh
nineung sotěh kanu heueuh
nu hirup bari huripna
aringgis kari urutna
(dicutat tina buku Saratus Sajak Sunda, Abdullah Mustappa, 1992)
(Diserat deui ku : Ellyana Syafitri, murid SMA Kosgoro Kota Bogor, tina Sabasa pikeun murid kelas VIII semester 1 : Pangajaran Basa Sunda pikeun murid SMP di kota Bogor, jilid 8b,Drs. Ahmad Hadi, Pamulang : Tangerang, 2008, kaca : 20)

Ku kaleresan … blog urang teh namina sami : Kandaga Rasa.
Mangga geura sindang …
http://worldofbset.blogspot.com/2008/05/ha-dua-es-o-opat.html
ti
Bambang