
Guludug
September 29, 2008Lamun langit ditiung haseup hideung
Anjeun sok mĕrĕ tangara bakal datang
Gelgerrrrr!
Eundeur jajantung
Hatĕ tumuwuh ketir
Lamun hujan geus turun ka bumi
Anjeun sok ngalokan haleuang
Cluk – clak – cluk – clak
Clak – clak – clak ….. paralak
Burinyai…..gelegerrrrr
Hĕg! Ranjung jajantung
(diserat deui ku: Irva Faqih, alamat: van_Riodan@yahoo.com (Murid SMA Kosgoro Kota Bogor), tina Atikan Basa Sunda pikeun SD kelas 2 semester 2, jilid 2b, Etty Nurhayati, kaca 41)
