
Béja ti sisi Lembur
September 29, 2008Karya: Godi Suwarna
Pasawahan di gigireun imah aki
Nya ĕta sagara emas, anaking!
Lambak ngusapan awak
Angin gunung, angin bihari
Kalong rabeng pasosorĕ, anaking!
Masing kaharti anaking
Peuting nyaĕta hirupna
Harepan ngiplikkeun jangjang
Sinar layung, payung kuning
Di dieu lemah tĕh dumeling inten
Cuang bareng ngantelkeun kateg jajantung
Kana dada lemah cahaya…
Di serat ku Navringgo Pradista (murid SMA KOSGORO) alamat: dhistavie_moet@yahoo.com (friendster) dista.ajjah@gmail.com (e-mail), Buku Paket Pangajaran Basa Sunda : Pikeun SD/MI Kelas V, Parigel Maké Basa Sunda, Penyusun: Tim Pengembangan KTSP Bahasa Sunda Kota Bogor, Prisma : Bogor ; Kaca 26.
